2 Raja-raja 5
Naaman panglima perang nagara Siria. Ku raja kacida diasihna jeung dihormatna, sabab ku lantaran Naaman, PANGERAN ngersakeun balad Siria saban perang meunang bae. Naaman memang panglima digjaya, hanjakal kagungan kasawat lepra.
Hiji mangsa waktu anjeunna nempuh ka Israil, balad Siria balikna mawa hiji budak awewe urang Israil, tuluy sina lalanjang di geureuha Naaman.
Dina hiji poe eta budak unjukan ka juragan istri Naaman, pokna, "Juragan pameget teh upami nepangan ka nabi di Samaria mah tangtos kasawatna damang."
Sanggeus kadangu ku Naaman, anjeunna marek ka raja ngunjukkeun pihatur eta budak.
Timbalan raja, "Tepungan atuh raja Israil, ku kami dibahanan surat." Naaman jengkar bari cacandakan, uang perak tilu puluh rebu, uang emas genep rebu, jeung panganggo sapuluh pangadeg.
Surat ti raja Siria eusina kieu, "Satampina ieu surat kaula hatur uninga, mugi ieu panglima kaula, Naaman, dipangnyageurkeun kasakitna."
Satamatna maos surat, raja Israil nyosoeh anggoanana sarta saurna, "Naha raja Siria nitah kami nyageurkeun ieu jelema? Na kami teh Allah, kawasa ngahirupkeun jeung maehkeun? Ieu mah nyieun jalan sangkan bentrok jeung kami!"
Kadangu wartana ka Nabi Elisa, seug anjeunna ngintun saur, "Ku naon sang raja rentag manah? Kintunkeun jalmina ka kaula sina terangeun di Israil aya nabi!"
Naaman angkat kana kareta kudana, reg liren payuneun buruan bumi Nabi Elisa.
Elisa miwarangan gandek mopoyanan ka Naaman yen kudu siram di Walungan Yordan tujuh kali, tangtu kasawatna bakal damang.
Naaman jadi bendu, saurna, "Hih, panyana teh manehna rek nepungan, seug sasambat ka PANGERAN, Allahna bari ngusap kasakit kami sangkan cageur!
Jeung deui, naha ari walungan di Damsik, Abana jeung Parpar lain leuwih alus ti batan nu aya di Israil? Mending mandi di walungan urang, moal teu cageur!"
Ponggawa-ponggawana arunjukan, "Juragan, upami eta nabi miwarang anu sesah tangtos ku Juragan dilakonan, sanes? Dupi ieu mung miwarang siram lajeng damang!"
Naaman tumut, tuluy ancrub ka Walungan Yordan, teuleum tujuh kali sakumaha pituduh Elisa. Les kasawatna leungit, kulitna pulih deui kawas kulit budak leutik.
Geus kitu anjeunna jeung pangiringna ngadeuheus ka Elisa tuluy misaur, "Sim kuring parantos yakin, di satungkebing langit teu aya deui Allah kajabi ti di Israil. Ku margi kitu mugi Ajengan kersa nampi ieu pangbakti ti sim kuring."
Waler Elisa, "Demi PANGERAN anu jumeneng, anu disembah ku kaula, hapunten kaula teu tiasa nampi kana pangasih." Naaman ngeukeuhan, tapi Elisa oge keukeuh teu kersaeun.
Ku sabab kitu saur Naaman, "Ari henteu kersa mah mugi sim kuring diwidian ngabantun taneuh ti dieu, sakabantunna ku dua bigal. Karanten ti wangkid ieu ka payun, sim kuring mung seja ngabakti ka PANGERAN, moal ngurban deui ka dewa-dewa sanes, boh kurban peuncitan atanapi kurban beuleuman.
Nu dipalar mugia PANGERAN kersaeun ngahapunten ka sim kuring, saupami engke sim kuring ngarencangan raja lebet ka kelenteng Dewa Rimon, dewa urang Siria, sujud ngabakti ka eta dewa. Mugi-mugi PANGERAN ngahapunten ka sim kuring dina ieu saperkawis."
Waler Elisa, "Mangga, mugia wilujeng." Bral Naaman jengkar. Can kungsi sabaraha jauhna,
Gehasi rencang Elisa ngomong sorangan, "Hih Juragan bet teu kersa nampi naon-naon ti Naaman! Demi PANGERAN! Aing rek nyusul, rek barang penta!"
Sanggeus kitu Gehasi nyusul ka Naaman. Ana katingali ku Naaman aya anu nyusul, jut lungsur tina kareta, mapag ka Gehasi tuluy mariksa, "Aya naon?"
"Sumuhun teu aya naon-naon," jawab Gehasi. "Bieu juragan abdi kadongkapan dua murid nabi ti pagunungan Epraim. Abdi dipiwarang ka Juragan nyuhunkeun tilu rebu uang perak sareng anggoan anu sae dua pangadeg, pasihkeuneun ka eta dua murid."
"Mangga atuh ieu tarima genep rebu uang perak," saur Naaman ngeukeuhan bari ngasup-ngasupkeun uang perak kana dua rajut jeung pakeanana dua pangadeg, tuluy dipiwarang dipanggul ku dua gandek anjeunna, sina indit heulaeun Gehasi.
Sanggeus nepi ka pasir tempat tinggal Elisa, rajutna ku Gehasi dicokot, dibawa asup ka bumi, nu mawana disina balik.
Ti dinya Gehasi marek ka Elisa. Ku Elisa dipariksa, "Maneh tas ti mana?" Jawab Gehasi, "Sumuhun henteu ti mana-mana."
Saur Elisa, "Marukan lelembutan kami teu nyaksian waktu eta jelema turun tina karetana mapag ka maneh? Ayeuna lain usumna narima naon-naon, boh duit boh pakean, boh kebon jetun boh kebon anggur, boh embe atawa sapi atawa jelema keur pibadegaeun!
Ku sabab kitu panyakit Naaman baris terap ka maneh jeung ka turunan maneh sapapanjangna!" Barang Gehasi kaluar, awakna geus katerap ku panyakit lepra, kulitna geus ngeplak saperti salju.